Rabu, 11 Juli 2012

Rancakalong - Syukuran Ngalaksa & Kesenian Tarawangsa


Rancakalong - Sumedang
Rancakalong adalah sebuah kecamatan di Kabupaten SumedangProvinsi Jawa BaratIndonesia.
Kabupaten Sumedang, adalah sebuah kabupaten di Provinsi Jawa Barat, Indonesia. Ibukotanya adalah Sumedang, sekitar 45 km Timur Laut Kota Bandung. Kabupaten ini berbatasan dengan Kabupaten Indramayu di Utara, Kabupaten Majalengka di Timur, Kabupaten Garut di Selatan, Kabupaten Bandung di Barat Daya, serta Kabupaten Subang di Barat.



Sejarah Singkat Ngalaksa / Syukuran
Khusus Rurukan Cibunar
Rancakalong - Sumedang
7-11 Juli 2012



Pembukaan Upacara Adat Ngalaksa


Pembukaan Upacara Adat Ngalaksa [ SMA 1 Rancakalong ]


Nyutat tinu sajarah Sasaka 17, Sasaka hartina sajarah, 17 mangrupakeun delegasi anu disebut karuhun – karuhun 17 anu aya di Rancakalong. Diantarana, Eyang Panarosan, Eyang Geleng Pangancingan, Eyang Wisa Nagara, Eyang Jati Kusumah, dll. Di antara anu 17 eta Eyang Jati Kusuma anu paling berwibawa.
Waktu jaman baheula di Rancakalong kaleresan tos te aya bibit pare, mung kaleresan karuhun rancakalong anu dua aya dinagara Mataram seja ngabdikeun diri. Anjeun ngabewarakeun ka para delegasi yen di mataram tos aya bibit pare, sareng bade di ayakeun syaembara kesenian. Saterusna karuhun anu 17 angkat ka Mataram bari nyandak kesenian Tarawangsa nyaeta kasenian Rancakalong.
Gancang carita, samulangna ti Mataram nyandak bibit pare, teras si bibit pare the disemeikeun sakeudik demi sakeudik pare the janten seuueur tur subur. Tos kitu teras wae di ayakeun syukuran ka Aloh SWT. Tina teu aya jadi aya, tina aya jadi seueur. Waktosna syukuran eta nyaeta 3 taun sakali anu di sebut Ngalaksa nyaeta nyalaksanakeun syukuran. Tur dugi ka ayeuna sok ngalaksanakeun syukuran 3 taun sakali minangka pangemut-ngemut kana sajarah atanapi padamelan karuhun- karuhun anu aya di Rancakalong nyaeta anau disebut sasaka 17.
Bahan nu sok di anggo ngalaksa utamina tinu pare. Ayapon alat-alat anu di anggo nyaeta di antawisna aya jambangan, lisung sareng alat-alat sapuratina. Tinu pare janten beast eras di inebkeun 3 dinten 3 wengi ditilaman ku daun cariang teras di siram ku cai comrang supaya hipu tur kaluar aroma khas na. Saentos kitu teras beasna di tutuan teras di tipung di adonan bumbuna cekap uyah sareng kalapa, tos kitu teras dibungkusan ku daun congkok anu maksudna nganggo daun congkok supaya kuat, sareng jaman kapungkur mah ngajalankeun ngalaksana di leuweung janten anu dianggo na daun congkok. Tos kitu mah teras wae di godog salami satengah jam teras dijait. Terakhir, disepitan atanapi digencet ku jambangan. Hasilna anu tos ngjanten disebut Laksa,tina kecap ngalaksanakeun atanapi sykuran ka Aloh SWT. Mudah – Mudahan Sagala rupi pamaksadan urang Rancakalong tiasa ka kabulkeun. Amin


Ketua Rurukan Cibunar
AKI OLING


Seni Tradisi Tarawangsa
Khusus Rurukan Cibunar
Rancakalong - Sumedang
7-11 Juli 2012

Seni Tarawangsa - Rancakalong 


Abank Sumedang - Tarawangsa







Seni tradisi tarawangsa, nyaeta syukuran ka karuhun anu tos ngantunan padamelan ngalaksa sareng tarawangsa na. Dina ngalaksanakeun seni tarawangsa kedah aya Sasajen diantawisna kedah aya saksi tinu pare 2 gedeg ngango acuk istri sareng pamenget.
Sasajen anu sanesna anu kedah aya nyaeta mangrupi, hayam, lauk emas, puncak manic, bubur beureum, bubur bodas, dupi, leupeut, kupas, papais beureum, papais bodas, kelepon, candil, sangu ketan, wajit ngora, ulen, opak, rangginang, kolontong, wajit, dodol cau, asem, gula, kalapa, beas, tumpeng, congcot mulus, roti, kueh, gula batu, cikopi, bajigur, endog, sarikaya, lelemper cau kapas, seupan cau nangka, rokok, surutu, bako tampang, apu, gambir, seureuh. Teras deui ngango Panadaran nyaeta, kulub endog, sangu liwet, tumprng, sangu wuduk, sayur daun kelor, pais tarasi, pais teri, cabe beureum, terong, bawang beureum, hayam bakakkeun.
Ngawitan acara tabuh dalapan weungi, ijab qubul, doa, teras Ngalungsurkeun ku bapa-bapa ngibing sakeudap teras nyandak baki di isi panganggo sareng braja dicandak ka goah. Teras kaluar dai ngantosan candoli ngaluarkeun ineban sapuluh ditampi ku ibu-ibu teras nguriling lima kali teras wae ditampi ku saehu istri disimpen dipayuneun sasajen diteraskeun deui ngibing ku saehu pameget. Tos kitu diteraskeun deui ku lima jalmi tilu lagu dugi ka tabuh sabelas. Digentos ku ibu-ibu lima jalmi teras ditambihan sapuluh dugi ka duapuluh jalmi dugi ka tabuh satu. Teras digentos deui ku bapa-bapa dugi ka setengah tilu. Ti satengah tilu digentos deui ku ibu-ibu bade nyumpingkeun, tos sumping perpuhaci atanapi karuhun mah ibu-ibu ngibing deu dugi ka tabuh opat


Ketua Rurukan Cibunar
AKI OLING


Aki Oling & Abank Sumedang

Subuah warisan budaya yang perlu kita jaga bersama-sama. Kesenian tertua di Jawa Barat yang sekarang sudah mulai dikenal banyak orang. Sumedang yang kaya akan nilai sejarah, keindahan alam, dan nilai budaya. Salah satu Wisata Kasumedangan ada di Kecamatan Rancakalong Kabupaten Sumedang. Selamat datang di Kabupaten Sumedang, Selamat menikmati kesenian Tarawangsa.

abank.sumedang



Tidak ada komentar:

Posting Komentar